Jumat, 18 Mei 2012

Carpon Basa Sunda

Hate Anu Kabebenjokeun


Ai Nyimas Fitriah
X-2

            “Beletak,,,” sora panghapus nu di alungkeun kanu meja harepeun Adi.
Adi langsung ngorejat hudang tina sarena, anjeunna beuki reuwas pas ningali Pa Dadang nu kasohor ku kagalakanana.
“Ari sorangan lamun keur diajar teh bet sare wae geuning?” Tanya Pa Dadang.      
“Hanteu Pa…” Jawab Adi bari ngagesek-gesek matana.
“Untung wae ieu panghapus ninggangna kanu meja, lamun ninggangna kana hulu maneh meren maneh geus benjol huluna” Barudak sakelas seuseurian ningali Adi diomongan  kitu ku Pa Dadang.
“Geura maneh cengkat sibeungeut jug ka cai!”
Adi cengkat tina korsina, anjeunna kaluar kelas bari leumpangna goloang-goleong siga nu mabok kusabab manehna masih tunduh keneh.
Saenggeus pelajaran Pa Dadang, Adi ngagoroan Euis menta anjeunna nyamperkeun manehna.
“Neng, mana atuh tugas Matematika tea tapi erek di pangerjakeun?” Tanya Adi ka Euis
“Oh…hilap teu dicandak.” Jawab Euis.
“Ih, Neng mah lain candak atuh!” Adi ningali HP na bari leumpang ninggalkeun Euis.
Sabenerna mah tugas Matematika anu Adi teh aya dina kantong Euis. Euis ngabelaan ngerjakeun eta tugas nepikeun ka jam satu peuting. Ngan hanteu dibikeun ka Adi kusabab ningali parubahan tingkah lakuna Adi anu ayeuna mah jadi sok telat datang ka sakola nepikeun ka anjeunna pernah sababaraha kali ditahan digerbang. Anjeunna sering sare di waktu lumangsungna palajaran. Geus tilu minggu anjeunna ngalakukeun kabiasaan eta, basa eta mah anjeunna mangrupakeun salah sahiji siswa anu rajin jeung pinter. Namung ayeuna mah kapinterana teh geus teu dipake deui ku Adi. Setiap aya tugas anjeunna sering menta pangerjakeun ka Euis.
“Cie,, kamari geus jalan-jalan kamana jeung si engkang?” Tanya Fitri
“Ih, saha atuh anu jalan-jalan? Is mah kamari mah aya wae di bumi”
“Ah, teu kenging ngabohonglah Is, abi geu ningal Is nuju naek motor dibonceng ku Adi, sok ngaku waelah!” ceuk Agni
“Hanteu Is mah hanteu ngabohong, Is kamari mah aya wae di bumi”
“Terus saha atuh nu kamari dibonceng ku Adi?” Tanya Fitri deui
“Duka atuh, Is mah teu terang, rakana panginten”.
“Sanes Is, sanes rakana. Da kamari teh pas Adi ngalewat rakana Adi aya di bumi Agni. Jadi moal mungkinlah nu dibonceng ku Adi rakana Adi mah.”
“Boa-boa selingkuhanna Adi.”
“Fit, ulah waka suudzon atuh.” Agni ngingetkeun Fitri
“Uhun panginten selingkuhanna Adi.” Ceuk Euis bari ngaleos ninggalkeun babaturanna.
1
Peutingna saenggeus sholat Isya, Euis nebrahkeun awakna kanu kasur, pamikranna kumalayang ka waktu anu geus lewat. Euis nginget-nginget mangsa anjeunna keur mimiti asup SMA. Anjeunna sok diparoyokan ku babaturanna kabogohna Adi padahal sabenerna mah hanteu jadian. Kusabab seringna dipoyokan ahirna tinu poyokan eta jadi bogoh beneran.
Euis inget keneh harita basa layung ngahibar di jomantara, basa cai ngagalura di samudra, saperti aya panah ti Adi nu nanceub nyeuceb kana kantong hate Euis, ngetok-ngetok panto hate Euis, ngagedor-gedor ku gembok jajantungna Adi. Rasa eta beuki lila beuki ngalaksak kana kahirupan jeung pangimpenan Euis. Euis jadi sok era lamun papanggih jeung Adi, kitu deui sabalikna rasa eta dirasakeun oge ku Adi.
Ti saenggeus kitu, harita panonpoe edek ngampih dina dipan papandayan, bulan nu nyaangan di baturan kiceupna bentang jadi saksi mimitina cinta Adi jeung Euis, aranjeunna janji pasini ngarajut tali asih nu duaan.
Ayeuna geus sataun anjeunna ngarajut tali asih jeung Adi. Euis ngenang mangsa eta nepikeun ka anjeunna sare.
Isukna Euis saperti biasana indit ka sakola jeung babaturanana. Kitu oge balik sakolana Euis babarengan jeung babaturanana. Harita pas Euis jeung babaturanana balik ngerjakeun tugas di imahna Fitri, aya kajadian anu ngorejatkeun hate Euis.
“Is tingali geura ka belah kaler!” Pokna Agni
“Emang aya naon kitu Ni?” Tanya Euis
“Astagpirululoh aladzim, itu teh si Adi sanes?” Ceuk Fitri
“Uhun, leres eta mah si Adi” Euis ngajawab bari anjeunna leumpang nyamperkeun Adi anu keur babarengan jeung awewe.
“Oh, kusabab kitu kalakuan engkang jadi benten teh?”
Adi langsung ngorejat ningali Euis aya dihareupeunana, pipi Euis barereum, cai matana ngucur tina panon sipitna, anjeunna lumpat ninggalkeun tempat kajadian. Adi oge lumpat nyusul Euis “Neng, antosan heula sakeudap, kupingkeun heula engkang nyaur!” Euis tetep lumpat hanteu midulikeun kabogohna ngomong.

Langit nu mendung, kalimpudan ku mega hidung. Geleger sora gelap, nyear lir anu dicicikeun ti langit. Angin ngahiliwir nyereset kana hate Euis. Keueungna matak nambahan peurihna hate Euis. Hate nu kabebenjokeun ku kalakuan Adi nu miduakeun asihna Euis. Sapeupeuting Euis ceurik, anjeunna inget wae kajadian tadi sore anu geter-geter rasa peurihna nganjang kana puserna kalbu netep nanceb nurih kana sajeroning hate Euis. Cimata nungumbara dina pipina ngalengkepan rasa kuciwana Euis ka jalma nu dipikadeudeuh jeung dipikaasih ku anjuenna.

Isukna di sakola Adi nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis ngaleos kitu wae.
“Naha geuning si Euis bet jadi kitu?” Adi nanya kababaturanna Euis.
“Kitu kumaha atuh Di? Kudu na mah si Euis anu nanya kitu ka sorangan teh.” Fitri ngajawab sinis patanyaaanna Adi
Teu loba ngomong Adi langsung ngaleos kitu wae. “Tah kitu, jelema anu rumasa salah mah, dasar jelema tukang sulaya.” Agni milu rujit ningali kalakuan Adi.
2
Balik sakola Adi hanteu tuluy ka imahna, anjeunna kalahkah eureun di warung anu rada jauh ti sakolana. Di Warung eta anjeunna milu ngumpul jeung babaturan anyarna anu barangor. Saenggeus anjeunna barangdahar dahareun anu diduitan ku babaturanna, anjeunna ngahuleng mikirkan kaayaan anjeunna ayeuna. Anjeunna nu ayeuna jadi hanteu sumanget kana pelajaran, disakola sering sare jeung kabeurangan asup sakola, kitu deui ku masalah anjeunna jeung si Euis. Anjeuna kaduhung sagede gunung kusabab geus nganyenyeri hatekeun jalma anu dipikasaih ku anjeunna. Saenggeus lila Adi diuk, anjeunna cengkat, namung hese pisan Adi cengkat alatan labuh kasagara tresna, rek ngolengkah ngan bati ngojengkang, anjeunna bangrung rek balik kamana.

Di sakola Adi tetep nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis tetep ngaleos kitu wae. Kabiasaan eta terus ku Euis dilakukeun. Dina hiji poe saenggeus saminggu Euis ngalakukeun kabiasaan eta, Euis nyamperkeun Adi.
“Engkang….”
“Neng? Alhamdulilah ahirna neng nyaur deui ka engkang. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang rumasa salah pisan ka neng. Engkang kaduhung pisan tos nganyenyeri hatekeun neng.”
“Harita kieu janjina bumi jeung langit saksina, ceunah asih engkang keur neng sorangan. Tapi bumi langit eta keneh asihna duka kamana jeung kasaha. Mana engkang janji engkang rek satia teh? Engkang tos jalir janji, tega midua asih.”
“Uhun neng engkang rumasa salah pisan ka neng, tapi pireungkeun heula cariosan engkang!”
“Nyarios naon deui atuh engkang?”
“Neng teurang teu kaayaan engkang ayeuna?”
“hanteu” jawab Euis singkat
“Neng, engkang teh keur loba masalah. Neng nyaho hanteu yen indung bapa engkang teh papisah? Geus lewih ti sabulan neng, engkang teu balik-balik ka imah, lamun engkang aya di bumi engkang saperti aya di naraka, indung bapa engkang pasea wae tiap poe. Tah eta nu jadi sabab engkang hanteu sumanget ka sakola teh.”
“Emang aya kitu pakaitna masalah eta jeung masalah engkang midua?”
“Aya neng. Engkang sabenerna mah hanteu midua, engkang sengaja ngalakukeun kitu kusabab engkang percuma rek satia ka neng oge. Da ahirna mah engkang pasti ninggalkeun neng. Neng, enjing engkang bade angkat ka Surabaya sareng bapa. Neng  siga nateh engkang moal tiasa datang kadieu deui. Neng, tos leungitkeun wae engkang mah tina sagala ingetan neng mah. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang mihareup pisan neng tiasa muka panto hate neng kangge ngahapunten kalepatan engkang.”
“Uhun engkang ku neng tos dihapunten sagala kalepatan engkang. Neng oge nuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan neng ka engkang.”
“Pasti neng, pasti dihapuntun kalepatan neng mah. Tong hilap tuang nyah neng!”
Adi ngaahiri omongan anjeunna jeung Euis. Anjeunna lumpat satarikna ninggalkeun Euis. Cimata Euis nganterkeun inditna Adi ka Surabaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar