Jumat, 18 Mei 2012

Autobiografi Basa sunda

Tugas Basa Sunda
Kelas XI
SMAN 1 Talaga
Taun Ajaran 2010/2011
Ai Nyimas Fitriah
XI IPA 3

Dina taun 1994, dinten salasa kaping 19 April salah saurang istri anu nuju ngandung salapan bulan saparantos anjeunna masak patuanganna musial hante raraos, tos kitu anjeunna wawartos ka mitohana. Teu lami tos kitu mitohana langsung nyauran paraji. Teras paraji dongkap, paraji nyaur yen istri eta bade ngalahirkeun. Tabuh 10.39 wanci pecat sawed istri eta ahirna ngababarkeun saurang anak istri anu ku carogena dinamian Ai Nyimas Fitriah.
Anak istri anu namina Ai Nyimas Fitriah nyaeta abdi. Abdi nyaeta putra bungsu ti pasangan laki rabi anu namina Udin Joharudin jeung Ihah Solihah. Kalahiran abdi mangrupakeun kalahiran anu pang diantos-antosna kusabab abdi benten sapuluh taun ti pun raka.
Saparantos abdi lahir, pun ibu masihan ASI sareng tuangeun anu ngandung gizi. Mangsa abdi umur 3 bulan abdi diajar ngorondang ku pun ibu, pun bapa, sareng wargi-wargi anu caket. Umur 12 bulan abdi diajar mapah, diajar nyaur nyebat sasauran anu saderhana sapartos “mamah, bapa, aa” jeung salainna.
Ti mulai umur sataun abdi sering ameng sareng rerencangan. Amengna sok bobonekaan, dadagangan ku teneh, babajuan, susumputan, jeung anu sanesna.
Umur 6 taun abdi disakolakeun di SDN Banjaransari III ti taun 2000-2006. Mangsa abdi nuju SD abdi kalebet anak cicingan sareng isinan pisan. Salami sataun di kelas hiji abdi sadidintenna sok dianterkeun ku pun ibu atanapi ku pun bapa. Prestasi abdi mangsa SD ngan pernah juara kalima mangsa kelas II SD sareng juara katujuh mangsa kelas V SD. Salain sakola abdi oge lebet ka Pondok Pasantern Asy-Ariyah anu ngaosna ti mulai tabuh 03.00 sonten dugi ka tabuh 05.00 sonten.
Saparantos lulus SD, abdi ngalajeungkeun sakola ka SMPN 2 Cikijing ti taun 2006-2009. Salami SMP abdi mulai aya kanaikan tina hal prestasi ti mulai kelas VIIE semester II abdi pernah  juara katilu, kelas VIIID semester I juara kadua, kelas VIIID semester II juara katilu, jeung kelas IXE semester I juara kaopat. Mangsa kelas IX nyaeta mangsa-mangsa anu paling deg-degan kusabab kelas IX mangrupakeun panentuan lulus hanteuna. Dina mangsa eta abdi giat diajar kangge nyiapkeun Ujian Nasional. Mangsa dibagikeun amplop kelulusan, abdi narima amplop, bari hate deg-degan abdi muka eusi amplop eta.
Alhamdulilah pas dibuka eusi amplop eta nerangkeun yen abdi lulus. Abdi langsung sujud syukur ka Allah SWT sareng ngagabrug ka rerencangan.
Lulus SMP abdi daftar janten siswa anyar di SMAN 1 Talaga, tanggal 4 juli 2009 abdi narima surat yen abdi ditarima di SMAN 1 Talaga. Tanggal 13 Juli 2009 abdi ngiringan MOS (Masa Orientasi Sekolah) anu kedah ngangge acuk seragam SMP, make topi tina wadah sangu, make benten tina tali rapia, make selendang tina waring sapertos putri Indonesia, poko na mah panampilanna pikaseurieun.
Di SMA abdi lebet di kelas X-2, anu kasebatna mah kelas unggulan. Prestasi  di kelas X dina semester I abdi tiasa juara katilu teras dina semester II na abdi tiasa juara kadua. Mangsa kelas X oge abdi tiasa ngiringan olimpiade tingkat Kabupaten sareng tingkat provinsi dina widang geoscience/ilmu kebumian.
Kelas XI abdi milih jurusan ipa, lebet ka kelas XI IPA 3. di kelas XI ieu abdi ngan tiasa juara kaopat di semester I.
Di SMA abdi icikibung dina kaorganisasian PMR jeung DKM. Alasan  abdi ngiring PMR nyaeta kusabab abdi hoyong terang sareng hoyong diajar kumaha cara-cara nolongan jalema anu nuju sakit atanapi anu butuh portolongan. Sedengkeun alasan abdi ngringan DKM nyaeta kusabab abdi hoyong lewih neleuman agama Islam, salain ti eta seur elmu-elmu agama islam anu parantos abdi terang ti para ustadz sareng ustadzah di DKM.
Ti keur alit abdi resep maen boneka-bonekaan anu boneka na Barbie. Pun bapa sering mangmeserkeun boneka Barbie sareng alat-alat bumina. Biasa na abdi maen bobonekaan bisa dugi kasapopoe sareng rerencangan. Karesep abdi maen boneka-bonekaan dugi ka kelas 2 SMP. Salain bobonekaan abdi oge resep ngumpulkeun gambar-gambar bumi, interior bumi, jeung gambar raksukan. Abdi pangsieunna ku badut kusabab dangdananna pikasieuneun. Abdi mangrupakeun tipe anak anu rada sesah caket sareng jalmi-jalmi anu anyar.
Pangajen (panghargaan) anu kungsi ditarima ku abdi nyaeta piagam penghargaan juara III Olimpiade Sains Nasional (OSN) widang Geoscience/Ilme Kebumian tingkat Kabupaten Majalengka taun 2010 ti Bupati Majalengka, piagam penghargaan ngiringan seleksi tingkat provinsi Olimpiade Sains kebumian jeung Geografi sa-pulau Jawa anu di laksanakeun tanggal 16 Mei 2010 ti Badan Geologi, Kementrian Energi jeung Sumber Daya Mineral, jeung sertifikat peserta Olimpiade Sains Nasional (OSN) widang Geoscience/Ilme Kebumian tingkat provinsi tanggal 02 Juni 2010 ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar